Pupujian Riwayat Kanjeng Nabi

 

Pupujian Riwayat Kanjeng  Nabi

  

صَلِّ وَسَلِّمْ دَائِمًا عَلَى احْمَدَا # صَلِّ وَسَلِّمْ دَائِمًا عَلَى احْمَدَا

وَالْآلِ وَالْأَصْحَابِ مَنْ قَدْ وَحَّدَا # وَالْآلِ وَالْأَصْحَابِ مَنْ قَدْ وَحَّدَا

 


Gusti urang sadayana

Kanjeng nabi anu mulya

Muhammad jenenganana

‘Arab Quraisyna bangsana

 

Ramana Sayayid Abdullah

Ibuna Siti Aminah

Dibabarkeun di Mekah

Wengi senen taun gajah

 

Robiul awal bulanna

Tanggal kadua belas

April bulan masehina

Tanggal kadua puluhna

 

Ari bilangan taunna

lima ratus cariosna

Tujuh puluh panambihna

Sareng sahiji punjulna

 

Siti Aminah misaur

Wartos babarna kacatur

Ningali cahaya meni ngempur

Dibumina hurung mancur

 

Babar taya kokotoran

Orok tos kenging nyepitan

Soca lir kenging nyipatan

Sarta harum seseungitan

 

Medal nabi akhir zaman

Pirangpirang kaanehan

Sesembah bangsa syetan

Kabeh pada raruksakan

 

 

Nabi yuswa lima bulan

Tos tiasa angkat-angkatan

Yuswana salapan bulan

Tos capetang sasauran

 

Yuswana sapuluh bulan

Tiasa ameng papanahan

Ngelehkeun budak nu lian

Tapi tara tumagungan

 

Parangina kanjeng nabi

Jatnika pinuh ku puji

Pinter tur gede kawani

Sobar nya’ah ka sasami

 

Keur opat taun yuswana

Dibersihan manahna

Nabi dibelah dadana

Malaikat nu meulahna

 

Jibril kadua rencangna

Mikail jenengan nana

Ngeusikeun kana manahna

Ilmu hikmah safinahna

 

Teras dada kanjeng nabi

Gancang dirapetkeun deui

Sarta teu ngaraos nyeri

dicap ku khotamin nabi

 

Harita nabi ayana

Dilembur ibu inanga

Halimah jenengan nana

Sa’diyyah ngaran lemburna 

 

 

Rama nabi kacaturkeun

Pupusna kacarioskeun

Basa nabi di boborkeun

Dina sasih kaunggulkeun

 

Keur genep taun yuswana

Ditinggal pupus ibuna

Nabi dirawat eyangna

Abdul Mutholib Asmana

 

Kersana Robul ‘Alamin

Kanjeng nu prihatin

Yuswa dalapan taun

Yaqin eyangna mulih kabatin

 

Saba’da wafat eyangna

Nabi dirawat uwana

Abi Tholib kakasihna

Saderek teges ramana

 

Kanjeung nabi sering pisan

Di candak kanagarag syam

Sok nyandak barang dagangan

Didinya teh pajeg pisan

 

Kacatur di eta negri

Seueur pendeta yahudi

Sarta pendeta nasroni

Nu tepang jeung kanjeng nabi

 

Sadayana sasauran

Iyeu jalmi moal nyalahkeun

Pinabieun akhir zaman

Toret injil tos ngiberan

 

Sifat nabi panganggesan

Aya di anjeuna pisan

Harita seueur nu iman

Ka nabi ngangken panutan

 

Lami-lami kanjeng nabi

Di sambat ku hiji istri

Dagangna ka unggal negri

Kauntungana di bagi

 

Istri jenengan Khodijah

Putra Khuwalid katelah

Nu pangbeungharna di mekah

Ka nabi kalangkung nya’ah

 

Siti Khodijah masrahan

Ka nabi barang dagangan

Maesaroh nu ngarencangan

Ka nabi purah nyarengan

 

Kacarios Maesaroh teh

Seueur pamendak anu aneh

Ciciren nabi nu sholeh

Matak ngaherankeun kabeh

 

Tatangkalan uluk salam

Mega bodas sok mayungan

Sarta aya cap kanabian

Dina salirana pisan

 

Pamendak Siti Khodijah

Cocok pisan jeung Maesaroh

Akhirna Siti Khodijah

Ka nabi mundut di tikah

 

Harita yuswana nabi

Salawe taun kawarti

Ngadak-ngadak suguh murti

Tapi tambah sae ati

 

Karesepna kanjeng nabi

Kahusti Allah ngabakti

Gi guha hiro maranti

Ibadahna siang wengi

 

Didinya jol kasumpingan

Jibril nu nurunkeun Qur’an

Kalam dawuhan pangeran

Nabi di damel utusan

 

 

 

 

Harita yuswana nabi

Opat puluh taun kawarti

Di utus ku Allah pasti

Nyebarkeun agaman suci

 

Anu iman pangheulana

Siti Khodijah garwana

Abu Bakar ka duana

Sohabat nu pang mulyana


 

 

Wallohua’lam bisshowab 

Komentar

Postingan Populer