Nadzom Syafa'at (lumpat Sakabeh Jalma) Bahasa Sunda

 Nadzom Syafa’at


  اَللّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحـَمَّدٍ   #     وَألِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمْ وَبَارِكْ عَلَيْهِ   


Lumpat sakabeh jalma

Diudag-udag naraka

Taya pisan nu ngabela

Anging amal keur di dunya


Lumpat sakabeh jalma

Muruna ka nabi Adam

Menta tulung jeung safa’at

Nabi Adam teh ngadawuh

Aduh karunya teuing

Boro-boro nyafa’atan

Kaula ge eukeur susah

Tuh sugan ka nabi Nuh


Lumpat sakabeh jalma

Muruna ka nabi Nuh

Menta tulung jeung safa’at

Nabi Nuh teh ngadawuh

Aduh karunya teuing

Boro-boro nyafa’atan

Kaula ge eukeur susah

Tuh sugan ka nabi Ibrohim


Lumpat sakabeh jalma

Muruna ka nabi Ibrohim

Menta tulung jeung safa’at

Nabi Ibrohim teh ngadawuh

Aduh karunya teuing

Boro-boro nyafa’atan

Kaula ge eukeur susah

Tuh sugan ka nabi Musa


Lumpat sakabeh jalma

Muruna ka nabi Musa

Menta tulung jeung safa’at

Nabi Musa teh ngadawuh

Aduh karunya teuing

Boro-boro nyafa’atan

Kaula ge eukeur susah

Tuh sugan ka nabi Isa


Lumpat sakabeh jalma

Muruna ka nabi Isa

Menta tulung jeung safa’at

Nabi Isa teh ngadawuh

Aduh karunya teuing

Boro-boro nyafa’atan

Kaula ge eukeur susah

Tuh sugan ka kanjeng nabi


Lumpat sakabeh jalma

Muruna ka kanjeng nabi

Menta tulung jeung safa’at

Kanjeng Nabi teras sujud

Sujud ka yang Agung

Nyuhungkeun safa’atna gusti

Gusti Allah teh nimbalan

Pek ku anjeun safa’atan

Cengkat tina sujud

Kanjeng nabi teh ngorejat

Narajang naraka galak

Naraka ampun careurik


Hanjat ka meja hejo

Kanjeng nabi ngahukuman

Dina waktu genep zaman

Jalmi rengse sadayana



Semoga bermanfa’at....

Alamat:

PONDOK PESANTREN AL-MARDHIYYATUL AL-ISLAMIYYAH

Cileunyi No. 103 Cibagbagan Telp. (002) 7806880 Cileunyi Bandung 40393 

 

Komentar

Postingan Populer