Nadzoman Anak Yatim

Pp. Alfutuhat Pangauban Garut

Nadhom Anak Yatim dalam Bahasa Sunda

Kanjeng Nabi ngajamin ka Anak yatim

dina ‘idil fitri pang saena musim

Bade angkat ka Masjid bade netepan

‘Idil fitri aya budak sesegrukan

            Nangis pipir masjid baturna arulin

            Rayap rame senang bungah keur arulin

Manehna nyalindung semu sedih bingung

Nganggo kawai tambal butut ngalanglayung

Kapendak ku Rosululloh ras di bujeng

Ditaros kunaon nangis wae ujang

            Apan ieu teh dinteun bungah dinteun senang

            Geuning ujang nangis kawas eukeur bingung

Jawabna teh aduh Gusti yaktos pisan

Ieu dinten bungah dinten seneng pisan

Seneng soteh ka jalma nu gaduh rama

Keur ka abdi mah ngaraos teu sugema

            Ku ayana ‘idil fitri manah ringrang

            Ingeut kana diri hirup teh nyorangan

Kiyeu rasana nudi tilar ku rama

Hirup sangsara beda sareng sasaha

Teuras ku Rosul teh dipangku dirawu

Aduh ujang tos ngahudang macan turun

            Na iraha jeung di mana rama tilar

            Jawabna teh ceunah waktos peurang badar

Nudi pingpina ku kanjeng Rosululloh

Duka teuing anu mana heunteu wawuh

Abdi ngagengsing hoyong meser anggoan

Kanggo senang bungah sareung rerencangan

            Tapi ibu ka abdi kalakah nundung

            Atos tilu dinten ieu abdi pundung

Aduh kasep nyaah deudeuh teuing ujang

Apan ieu rama gusti rama ujang

Hayu urang ngadeuheus enggal ka Ibu

Aisyah di bumi urang gentos baju

            Kanjeng Rosul bari nangis hey Aisyah

            Ieu putra urang anu nuju susah

Nyaeta ramana teh parantos tilar

Dina waktos pupugeutna peurang badar

Dawuh Isyah teh bae putra ibu

Tos timana urang siram gentos baju

            Hey Fatimah ieu angken rai anjeun

            Hey Ali geura araku dulur anjeun

Mana cucu deudeuh Hasan sareng Husein

Ieu mamang anjeun geura ajak ulin

Fatimah Ali Hasan Husein mideudeuh

Ngangkeun dulur rai teras dibubungah

            Dugika keun leungit rasa kayatiman

            Ngangkeun ibu rama Rosul anu Heman

Saur Hasan Husein yu mang urang ulin

Sareung batur urang ameung gulen lilin

Teras ameung suka bungah ulin gatrik

Rosul teuras ngalakonan ‘idil fitri

            Tah sakitu riwayatna Nabi urang

            Ngajamin ka anak yatim conto urang

Pikeun conto urang keur hirup di dunia

Tiru ahwal ucap kanjeung anu mulya

Mudah-mudahan urang husnul khotimah

Maot tetep iman islam pasti genah

            Susuganan ieu ageung manfaatna

            Kanu maca anu butuh syafa’atna

Sareung urang diangkeun pisan umatna

Umat kanjeng umat anu pang mulyana

Sareng urang ngarep-ngarep syafa’atna

Anu dingaranan syafa’atul uzma

            Aamiin aamiin aamiin yaarobbal ‘alamiin

            Ditutup ku muji ka Robbul 'Alamin


Kanjeng Nabi ngadawuh:

أَنَا وَكَافِلُ الْيَتِيمِ فِي الْجَنَّةِ هَكَذَا، وَأَشَارَ بِالسَّبَّابَةِ وَالْوُسْطَى وَفَرَّجَ بَيْنَهُمَا شَيْئًا

Artinya, “Aku dan orang yang mengurus (menanggung) anak yatim (kedudukannya) di dalam surga seperti ini.” Beliau mengisyaratkan dengan (kedua jarinya yaitu) telunjuk dan jari tengah serta agak merenggangkan keduanya.” (HR. Imam Al-Bukhari).


Semoga Bermanfaat 😊 Jangan Lupa Dukung Blogger Kami yaa 🙌☕
Like share and subscribe 😊 
Semoga semuanya berkah 🤲

Komentar

Mr.rolis mengatakan…
Assalamu,alaikum punten pangersa
Nyuhunkeun ridhona abi nyuhunkeun ieu syairan..haturnuhun sateu acana

Postingan Populer