Qosidah Pami Hoyong ka Tanah Suci
Qosidah Pami Hoyong ka Tanah Suci بُشْرٰى لَنَا نِلْنَا الْمُنَى # زَالَ الْعَنَا وَافَى الْهَنَاء وَالدَّهْرُ اَنْجَزْوَعْدَهُ # وَالْبِشْرُ اَضْحَى مُعْلَنَا Kabingah abdi sadaya # Kengeng nu dicita-cita Leungit kasusah na dada # masa nekanan janjina Yeuh diri bagja nepangan # Yeuh panon eces temenan Ieu kakasep jungjunan # Cahayana mencrang pisan Hey,.. madinah kedal naon # Disalira aya makom Sadayana mika hoyong # Amprok jonghok nudi irong Duh Roudhoh tuduh syafa’at # Baqi’ jeung dua sohabat Catetkeun abdi sadaya # Tiasa zaroh ka nabina Roudoh nu jadi sawangan # Iuh papaes seliran Nabi nu janten pilihan # Bersih seungit kahirupan Mugi rohmat anu lawas # Ti pangeran henteu laas Ngalir ka Nabi nu welas # Ka umatna nu laluas Teu hilap kulawargina # Oge para sohabatna Anu tumut ka mantena # Nuturkeun tapak lacakna Rohmat salam ka jungjunan # Nabi